Bapak Lalan : “Wa’alaikumsalam.”
Siswi : “Bapak hapunten bade ngaganggu waktosna, simabdi sareung rerencangan di pancenan tugas ku guru Bahasa Sunda, nyaeta dipiwarang ngawawancara salah sahiji guru mata pelajaran anu ngeunaan tentang Bahasa, Atikan sareung Seni Budaya. Kumargi Bapak guru di bidang seni budaya, simabdi sareng rerencangan bade ngajadikeu bapak narasumberna, teras bapak kersa atanapi hente bade diwawancara ku simabdi sareung rerencangan ?”
Bapak Lalan : “Nya mangga wae, teras bade naroskeun ngeunaan naon ?”
Siswi : “Abdi,bade naroskeun ngeunaan kabudayaan Sunda di zaman ayeuna.
Bapak Lalan : “Nya sok mangga.”
Siswi : “Kumaha pandangan Bapak ngeunaan kabudayaan Sunda ayeuna ?’’
Bapak Lalan : “Upami di taliti kabudayaan sunda zaman ayeuna teh pikasediheun.”
Siswi : “Naon sababna ?”
Bapak Lalan : “Nyaeta zaman ayeuna mah teu budak ngora teu kolot teh tos jarang nu mikacinta kabudayaanna sorangan,nyaeta budaya sunda.”
Siswi : “Kabudayan nu mang rupa naon anu tos di leungitkeun ku masyarakat sunda?”
Bapak Lalan : “sapertos dina bahasa,kabiasaan,sopan santun,sareng sajabana”.
Siswi : “faktor naon wae anu nyebabkeun masyarakat sunda henteu apal atanapi
henteu mikacinta kana budayana sorangan?”
Bapak Lalan : “faktor nu nyebabkeunna nyaeta,ayana budaya asing,tara ngalestarikeun budayana,jarang ditampilkeun dina acara-acara adat,jarang komunikasi sareng sajabana”.
Siswi : “kumaha carana supaya masyarakat sunda teh mikacinta kana kabudayaanna sorangan?”
Bapak Lalan : “kudu dimumule ti ayeuna keneh eta kabudayaan supaya eta budaya teu leungit atanapi di cokot ku nagara batur,di lestarikeun,di tampilkeun dina acara-acara adat,sareng kudu di ajarkeun ka murangkalih supaya pada mikacinta”.
Siswi : “bapak hatur nuhun kanggo waktos sareng jawabanna”.
Hapunteun bilih tos ngaganggu waktos bapak.
Wassalamu’alaikum wr.wb.
Bapak Lalan : Wa’alaikumsalam wr.wb
KASIMPULAN
Kabudayaan
sunda zaman ayeuna pi khawatireun, kabudayaan sunda tos leungit tina diri
masyarakat sunda. Zaman ayeuna masyarakat geus teu nyaah, teu mikacinta deui
kana budayana sorangan. Teu kolot teu budak geus teu apal kana budayana
sorangan.Budaya nu tos leungit di lingkungan masyarakat diantarana nyaeta dina bahasa, kabiasaan, sareung tatakrama.
Faktor nu nyebabkeunna nyaeta ayana budaya asing, lewih mikacinta budaya batur tara belajar ngalestariken budaya sorangan.
Cara supaya masyarakat sunda resep sarta mikacinta kana budayana sorangan nyaeta, kudu ngamumule kabudayaan ti ayeuna keneh, supaya teu di aku ku nagara batur, kudu di lestarikeun, di tampilkeun dina kagiatan-kagiatan atanapi dina acara-acara.
Sarta kudu di ajarkeun ka murangkalih supaya pada apal,mikacinta kana budaya sorangan.
Sumber:percakapan basa sunda
Tidak ada komentar:
Posting Komentar